Subscribe:

Ads 468x60px

Radio Che Pandu


Senin, 16 Mei 2011

Nasehat Kolot




Ceng!

Ari hirup, kudu "tungkul ka jukut tanggah ka sadapan", kudu tawadu depe-depe handap asor,
hartikeun elmu pare, "beuki luhur tambah melung, loba eusi nambah ngarumpai", pacuan!
ulah doang tangkal pakis, "hanas ngaluhuran, malah kalah ngacung, teu daek ngulampreh", sombong adigung adiguna, kawas dunia boga sorangan.

MIHAPE....!!
ulah
pagirang-girang tampian,
kudu daek hirup "ka cai jadi sa leuwi ka darat jadi sa logak" hirup adaptasi jeung lingkungan, kudu bisa lolondokan.

ودارهم ما دام في دارهم و وأرضهم ما دام في أرضهم

Ari motip hirup
"sing teangan pinter gasang bener, ngan mun bener loba cocoban".
Ulah rempan di leutikeun, ulah haren di gedekeun.
Kajeun leutik asal eneng, ari gede bisi sagede tumila.
Sing tawakal ka pangeran, jongjon istikomah ulah mandog mayong,

فإذا عزمت فتوكّل علي الله

Pasti hirup loba halangan, moal sepi tina ujian jeung cobaan, anggap be bumbu panyedap rasa, sabab nek di uji jadi murni, kawas emas hayang murinyai, kudu di tempa babara kali, di jeos ku seuneu di cakrubkeun kana cai.
Ragap diri sorangan sing inget kana
pangandika 

الله سبحانه وتعالي

أحسب الناس أن يتركو أن يقول أمنا وهم لا يفتنون 

Abuya Dimyathi Cidahu wanti2 ka para muridna
MIHAPE ULAH NAPSIRAN QURAN JEUNG HADIS KU OTAK SORANGAN

الأخذ بظواهر النص يجرّ إلي اصل الكفر

"nga istinbat hukum ku polo toblo, nimbulkeun kana hakekok kolot",


اللهم ألف بين قلوبنا واهدنا سبل السلام وجنبنا الفواحش ما ظهر منها وما بطن عن بلدنا هذا خاصّه وعن سائر بلدان المسلمين عامّة إنّك علي كلّ شيئ قدير وبالإجابة جدير

وصلي الله علي سيدنا محمد وعلي أله وصحبه وسلم, وارزقنا كمال المتابعة له ظاهرا وباطنا في عافية وسلامة برحمتك يا أرحم الراحمين,


سبحان ربك رب العزة عمّا يسفون وسلام علي المرسلين والحمد لله رب العالمين.



 أمين




Comments
0 Comments

0 comments:

Posting Komentar

Thank's for you